Lalajo Sandiwara di Cimahi



Pipiet Senja 

Anno, 1961

Harita kuring keur pere sakola. Dipapagkeun ku Apa ti bumi Eni di Sumedang, perena rek di bumi Emih di Cimahi. Emah nembe kaluar ti RS. Dustira, diopnameu mulan-malen. 

Ari bumina Emih di wewengkon pasar Tagog. Kiwari mah ngaranna jalan Margaluyu.

“Engke peuting urang lalajo sandiwara, nya, Tikeu,” saur Emih, ibuna Apa, ngaharewosan nyelang tina kaprak-keprekna di pawon.

“Horeee!” kuring emprak jigrah. Bubuy hui dina leungeun tangka mecleng.

Emih nyureng. “Pssst…, ulah ribut ka sasaha! Ngan urang duaan da lalajona oge,” saurna bari mulung bubuy hui mecleng, song dibikeun deui ka kuring. Gancang ku kuring ditampanan, belewek-belewek weh…, huangaass!

“Muhun, Tikeu jangji…, moal wawartos ka sasaha. Komo ka Arnie mah,” kuring panuju. Ongkoh Si Arnie mah osok ngaganggu mun keur ngeunah-ngeunah lalajo teh.

Kawas minggu kamarina. Pas keur rame-ramena bobodoran, kalah ngurihit mementa balik. Sebbeeel, pan, Sodarah?

Aya anu keketrok kana lawang panto dapur. Tacan dimanggakeun oge geus ngulutrak maneh, ngelol bari semu culang-cileung. “Taya sasaha, Mih Encun?” cenah nalengteng.

“Teu aya, nuju barobo da,” ceuk kuring mangnembalankeun Emih.

“Ke sakeudeung, Eem!” Emih ngojengkang ka palebah gorobog, duka mawa naon mah.

Kapireng dibungkus ku koran. Teg weh, pasti Emih rek nitah Bi Eem ngagadekeun samping kebatna. Kitu da Emih mah, awahing ku resep-resepna kana lalajo sandiwara, dibelaan guda-gade. Bi Eem gura-giru indit deui bari ngelek bungkusan. 

Emih ngajak kuring ka walungan Cimahi, dadaku mah rek nyeuseuhan.

Padahal kuring apal, engke di walungan Bi Eem bakal datang. Mikeun hasil gadean samping tea. Kitu sasarina oge, matakan kuring apal kronologina, hehe.

Balik ti walungan kuring kalah nyampeurkeun Arnie anu keur anteng anjang-anjangan sorangan di pipir imah. Lat weh poho jangji ka Emih.

“Pssst…, ulah ribut, nya,” cekeng teh alewoh. “Engke peuting Tikeu mah rek diajakan lalajo sandiwara ku Emih.…”

Tacan kebat oge Arnie geus ngajerewet, “Miluaaaan!”

“Teu meunang! Ceuk Emih oge da ngan rek duaan!”

“Milu, hayang miluuuu!” Arnie Si Cempreng, kitu katelahna, terus we cecerewetan. 

Apa anu keur bobo mungguh kabaribinan. Ngelol tina jandela kamar, socana bareureum balas piket dua wengi.

“Aya naon ieu teh…, ribut wae nya?” saurna ngemu kakeuheul.

“Euh, euh…. Si Arnie da…,” kuring aga-eugeu, sieun ari ganggu Apa uih piket teh. Eta socana badis we siki saga!

“Meugeus atuh barudak, ulinna sing jauh geura!” Emah oge ngelol, sarua tina jandela kamar.

Harita mah karek boga adi dua. Arnie umur tilu taun jeung Riri umur sataun.

“Embuuung…, embuung! Hayang milu lalajo sandiwara Nie mah, miluaaan!” Arnie mimiti ngaluarkeun jurus andelanana. Ngarenghik!

“Ogooo nya maneeeh…!” kuring molototan, gemesss!

Emih anu karek uih ti walungan, ngagubragkeun ember. Ukur kutang jeung sarung hasil seuseuhanana.

“Ari Tikeu…?” cenah ngarahuh bari ngadelek ka kuring. Sorangan ukur ngabelehem.

“Rek lalajo sandiwara engke teh, cenah?” Apa nalek ibuna.

“Enya, teun…, da diajakan ku Eem….” Hihi Emih, pinter we!

“Euh, nya sakalian bawa we atuh budak duanana. Keun ke ditambahan keur jajanna mah…,” saur Apa.

“Horeeee…!” Arnie kontan kanceuh jerewet-cemprengna.

Emih henteu nyarios deui, koreleng ka pawon deui sabada ngebrengkeun seuseuhanana.

“Awas siah nya…, mun engke menta balik!” kuring ngati-ngati adi.

“Wheeei!” Arnie kalah ngajebian, bangun agul bari ngengelek boneka karetna.

Kuring mah teu resep bobonekaan. Mendingan oge teterekelan.

Bada maghrib tiluan geus saged miang ka gedong sandiwara, mun teu salah mah ngaranna gedong Harapan, deukeut alun-alun.

Laleumpang we mapay-mapay susukan, babakan, kebon. Brasna teh pas tukangeun gedong sandiwara.

Malem Jumaah, osok loba anu lalajona. Sabab poean para prajurit anu keur sakola di Pusdik-Pusdik cuti. Biasana osok pating alabring, tangtuna oge make saragem tantara.

Baretna sarua, dedegan awakna sarua, kabeh weh sararua, ka ingkig-ingkigna bongbong geus dipola ti dituna tamah, Bapa Tantara!

Emih loba kenalanana di gedong sandiwara. Aya Teh Entin tukang warung, Mang Lili tukang bajigur, Jang Uhe tukang roko jeung saha deui mah.

Harita oge basa ngaliwat warung Teh Entin, Arnie langsung ngarenghik mementa permen jahe.

“Iyeu, Neng…, bae atuh, Mih, pira permen!” Teh Entin ngagupayan, song mere permen saburulu kana leungeun Arnie jeung kuring.

“Iiih…, barudak teh ngerakeun pisan. Nuhun atuh, Nyi Entin,” Emih kaisinan.

Teh Entin kekepehan basa rek dibayar permenna. Beretek weh kuring jeung Arnie lumpat muru korsi panghareupna.

“Lalakon Bangkit Dari Alam Kubur…. Hiiiy, aya kuntianakna, euy!” kuring nyingsieunan. Arnie parangkat-purungkut, tapi pipina pinuh ku permen jahe.

“Inget nya, ulah menta balik keur raramena!” cekeng teh ngati-ngati deui.

“Teteh henteu sieun kitu?” Arnie melong kuring.

“Naon make sieun? Bobohongan iyeuh!” tembal teh gagah.

“Apan aya kuntianakna, Teteh…” Arnie mingkin parangkat-purungkut.

“Anu jadi kuntina oge wawuh lah…. Pasti Si Ceu Lilis!”

“Tukang tahu di pasar Antri?”

“Enya Ceu Lilis eta!”

Deeer weh, lalakon Si Kuntianak digederkeun, aeh, dipagelarkeun kitu.

Eta mah Si Arnie, karek oge ngadenge ilustrasina…. Ngaaauuung, waaaw, waaw!

“Embung lalajooo, embuuung! Hayang baliiik, sieueueun!” dengek teh kokoceakan.

Matak sebel neuleuna oge! Henteu bisa diupah-apeh deui, keukeuh mementa balik. Emih garo singsat. Antukna mangku Arnie, nungtun kuring muru warung Teh Entin.

“Nyi Entin, wayahna… nitip budak sakeudeung, nya! Rek nganteurkeun heula adina, ngadat yeuh!” Emih masrahkeun kuring ka Teh Entin.

“Aeh, mangga naha…, muhun wios Neng Tikeu mah sareng abdi we!”

Sakedapan kuring molohok, mentegeg, aah, keuheul weh!

Kapireng Si Arnie nyusup-nyusup we kana harigu Emih, jabaning mani rambay kitu.

Karunya Emih, katempuhan kudu mamangku, da Si Cemprengna embungeun diturunkeun.

Aya saparapat jamna mah kuring campego gigireun Teh Entin. Tapi basa Teh Entin aya anu maturan, kabogohna sugan, satuluyna henteu malire ka kuring.

Belecet kuring muru jajaran bangku panghareupna deui. Ngadedetkeun maneh gigireun ibu-ibu. Deeer weh lalajo mani pogot!

Bener, lalakonna pikaseurieun, pikasieuneun, pika sagala we. Konsepna mah siga carita film-film vampire Mandarin.

Komedi, laga, drama diselipan horor, kitulah kira-kira. Parawan jekekan dipaksa kawin jeung sodagar aki-aki.

Tamah Si Aki kalah hobi kaniaya ka Ceu Lilis, aeh, pamajikan. Tug nepikeun ka maotna pisan.

“Ceu Lilis…, meuni pikasieuneun!” hate muji ku kahebatan ngarekayasa beungeut, rupana.

Ngajanggelek jadi Kuntianak.

Ari pikaseurieunana, basa Kuntianak nyingsieunan ronda.

Minangka bobodoranana, ajret-ajretan, pating gulitik, pating jarerit, pating beledug haritut, ngabarangkieung. Aya acara maronggehek, naronggengan panongton sagala!

Kuring seubeuh seuri, seubeuh sieun, seubeuh…, sandiwara we!

Kocapkeun sandiwarana geus lekasan.

Layarna diturunkeun. Kakara engeuh, naha Emih tacan balik deui? Kuring kababawa, kasesered ku panongton anu ngaburisat kaluar gedong.

Ujug-ujug geus gen deui weh di warung Teh Entin. Tapi anu bogana duka ka mendi. Warungna ditinggalkeun kitu bae.

Kuring bararingung, kumaha pibalikeun, tungtungna ngiiing weh…, ceurik!

“Ambuiiing…, aya budak nyasar yeuh!” Breg pada ngagarimbung.

“Ka mana atuh indung-bapana?”

“Heueuh, ku teu baroga pipikiran nya? Ninggalkeun budak…”

Jol Teh Entin jeung kabogohna tea. Nyampeurkeun, gancang nungtun kuring asup ka jero warungna.

“Neng Tikeu ti mana wae atuh, ti tatadi diteangan?”

Kuring ngabigeu. Sieun ongkoh ku kabogohna, mani jembrosan tur badag enjum kitu.

“Anak saha tateh, Tin?” cenah mani asa ngagoronggong dina ceuli kuring.

“Incuna Emih Encun ti Tagog,” tembal Teh Entin bari ngupah-ngapeh kuring.

“Ulah nangis wae atuh. Urang anteurkeun ka Tagog, nya Kang Beben?”

“Sok we asal diburuhan,“ ceuk Kang Beben mari muril-muril kumis baplangna.

Emih tibabaranting, ngarawu kuring.

Pameunteuna pararias, napasna engos-engosan. Kadenge we ketug jajantungna basa kuring diakeup pageuh.

“Eta Emih…, naha atuh karek datang deui ayeuna? Teu karunya-karunyaeun ka budak!” Teh Entin gegelendeng.

“Hampura we, Nyi Entin. Puguh itu adina hayang diparendean heula. Ari pek teh Emih kalah milu kasarean. Hampura, nya, hampura….” Emih lingsem.

Caritana balik weh. Emih milih ngaliwatan jalan gede. Puguh mun kudu kasrak-kusruk jalan kampung tengah peuting, ngaliwatan susukan, hararieum aya tangkal warudoyong…. Kuriak ditungguan ku Kuntianak keh!

Kuring pageuh nyekelan tungtung kabaya Emih. Geuning di jalan gede oge geus saruwung, taya jalma saurang-urang acan.

Bubuhan geus liwat tengah peuting, batur mah geus ti tatadi nepi ka imah. Sameter, dua meter, pas deukeut jambatan…. Harieum cakueum, paroek!

“Emih, Tikeu asa ningali euh, euh…, Kuntianak!” cekeng teh laporan.

“Husy, ulah nyarita sambarangan. Anggursi babacaan kainyah!”

Leumpang deui, tapi kalangkang Kuntianak teh bet asa ngalobaan. Pating garupay, pating gayabag, ngungudag di tukangeun…. Hiiiy!

“Emiiih, embung nempo nanaon, ah! Tikeu mah rek peureum we,” ceuk kuring, diheueuhan ku Emih. Reup weh meureumkeun panon.

Leungeun mah angger mingkin pageuh nyekelan tungtung kabaya Emih. Sakapeung pindah nyekel pananganana. Na ana…, beleduuug!

“Ajooouuuw!” Tarang katuhu nabrak tihang listrik.

Puguh benjol!

Duaan eureun heula, Emih mariksa tarang kuring. Diusapan lalaunan, ditiupan saeutik mah.

“Teu nanaon lah. Incu Emih Encun mah jagoan iyeuh!” cenah bari ngenyang leungeun kuring, nuluykeun lalampahan.

Karek oge aya sawatara meterna geus beleduuug deui bae, neunggar tihang listrik. Keuna tarang kenca ayeuna mah.

“Ajooouw! Nyeri Emih, nyeee-riii! Siah, tihang listrik gelooo!” kuring ngagajret bari kokowowongan.

“Iih, ku naon atuh budak teh bet neunggaran bae tihang listrik?”

Emih ngarandeg deui, mariksa tarang kuring. Heg dijampean, diparancahan sagala.

“Ulah ganggu incu aing. Ulah ganggu putu Embah. Ieu aing seuweu-siwi Prabu Siliwangi, terah Pajajaran…,” cenah pasehat naker.

Jieh, ti iraha Emih jadi incuna Prabu Siliwangi, nya?

Lalaunan laleumpang deui, ati-atii.

Tarang karasa mimiti seeer nuuud, seeerrr nuuud….

Sakeudeung deui nepi ka imah, tinggal mengkol ka gang, bras weh!

“Geus atuh ulah peureum bae, engke nab…”

Tacan kebat kalimah Emih, pas rek mengkol ka gang Mesjid, tihang atah adol teh geus ngabentar tarang kuring deui!

“Embuuung, siaah, embuuung! Teu sudiii, nyeriii!”

Kuring lolongseran, mugen embung nuluykeun lalampahan. Kapaksa Emih nyenyered leungeun kuring, sakapeung awak teh diangkat-jungjung. Kitu we nganggeuskeun lalampahan sapanjang gang nepi ka imah.

Barang nepi ka imah, gubraaag weh Emih ngagubragkeun sakadang incu.

Apa, Emah, Uwa Titi, Uwa Yaya, Mang Ikin, Gaga kabeh weh, rajol nyalampeurkeun. Ngalalajoan kuring nuluykeun adug lajer.

“Meugeus siah! Ti mimiti ayeuna mah maneh ulah milu-milu deui lalajo ti peuting!” Apa tipoporongos.

“Heueuh! Barina oge budak-budak make resep lalajo sandiwara.” Emah ngarancetan mastakana, kanceuh deui bludreukna sugan.²

Aya sawatara waktuna mah kuring tara milu ka Emih lalajo sandiwara. Emih oge kapaksa merekeun hobina.

Ketang boa susulumputan ti barudak, nongton sandiwara nyalira. Tapi basa taya anu ingeteun deui kana kajadian peuting eta, kuring balik deui we ngintil tukangeun Emih. Lalajo sandiwara, Sodarah, hehe…

Revisi Depok, 2024

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama