Mengenang KusNet: Milis Baheula


Mengenang Milis Jadul

Pipiet Senja

Tahun tahun terakhir kita m


emasuki era digital.

Jika tak mau ketinggalan zaman, kita harus bergabung dengan zaman digital ini.

Mengenang zaman reformasi itulah saya repost catatan harian ini.

Milis Zaman Baheula

Anno, 2002
Milis teh singgetan tina mail-list, nyaeta komunitas atawa greup urang di dunya cyber, internet. Pasaratanana mah ngadaptarkeun alamat email urang ka komunitas atawa milis anu dipikahayang. Istilah internetna mah di-subscribes. Geus kitu mah biasana burudul weh mail-mail atawa pesan-pesan arasup kana email urang. Enya ti sasama anggota milis kitu.

Rebuan, boa leuwih ketang milis aya di dunya cyber. Umpamana milis para bisnis, eksekutif, pialang jeung sajabana. Aya oge milis agama, etnis, ras. Kitu deui milis para seniman. Sorangan mah didaftarkeun ku babaturan sasama pangarang ti Forum Lingkar Pena, dipilukeun kana milis Lingkarpena.org

Kudu rajin diteang boh bisi boks email urang kapinuhan. Sabab lamun geus ngaleuwihan kuota, bounching. Jadi moal bisa arasup deui mail anu anyar, diblokir kitulah.

Jadi kudu diparupusan atawa dideletan heula mail-mail anu geus asup teh. Tangtuna oge henteu kudu dibaca kabeh, sabab matak cape tur boros mayar sewa internetna. Kitu we dicokotan anu sakira-kira penting tur husus ditujukeun ka urang bae.

“Mamah, bade ka warnet nya?” ceuk Si Butet basa katempoeun indung ngaringkang, kaluar ti rohang gawe tempat kuring nguyek ti subuh jedur.

“Rek milu?” cekeng tamba kaeraan, kaperego pisan rek kucluk-kucluk ka warnet tukangeun imah. Eta mani ngambeu bae budak teh. Sangkilang didodoho ti barang manehna balik ti sakola. Kalah ngajejentul hareupeun televisi bari barang dahar.

“Tapi hoyong nyalira, nya Mah?” Maksudna mah embungeun paduduaan komputer di warnetna.

“Heug bae, ngan ulah leuwih ti sajam!” cekeng teh tandes.
“Asyiiik!” cenah mani jigrah, gesat-gesut memener calana jins belelna.

Heg ngajewang jilbab kaosna anu osok nyangsang kitu bae dina sofa rohangan tamu. Kuring mesem mireng pamolahna. Ongkoh ngakuna akhwat, dijilbab basa geus lulus SD teh. Tapi angger tomboy, eta we ekstrakurikulerna teh bet taekwondo!

“Jangji, nya, ulah pajauh ti Mamah…”
“Hmmm…” tiba ngaenyakeun ku unggeuk, bari memener keneh jilbab kaosna geus kaluar ti imah oge.

Heg nyelang menerkeun jilbab kuring deuih. Magarkeun teh aya buuk pating arelol palebah ceuli.

“Iih, bener yeuh! Sangkan Mamah gampang mun aya nanaon.”
“Muhun… Nyungkeun tulung ka Teh Yeyen we atuh, Mah.”
“Puguh Teh Yeyenna keur balik ka Kuningan. Ditungguanana ku Mas Agus ayeuna mah. Hoream ari rek menta tulung ka manehna mah…”

“Pedah pameget tur kasep, nya Mah?”
“Eee, ka kolot teh ngoconan!” dipuncerengan kalah nyikikik leutik.

Katembong kempot-kempot dina pipina lir liang undur-undur. Manis, geulis budak teh, gerentes hate reueus.

Henteu reueus kumaha ketang, bisana kana komputer jeung internet oge sidikanan diwarah ku barudak.

Pangpangna ku si Cikal. Ti mimiti utag-atog, pindah nulis tina mesin ketik butut kana komputer Pentium III, boga manehna. Tug kiwari mah geus lancar deui.

Ngan kadieunakeun kapaksa kudu lunta-lanto ka warung internet. Bubuhan loba kaperluan, pangpangna rek nyiar pibahaneun tulisan tea. Ongkoh sanggeus aktif di Forum Lingkar Pena mah loba oge anu ngulem, jadi pembicara dina acara talk show, seminar, workshop atawa ceramah kapangarangan tea.

Angot basa geus ditawaran jadi editor ku hiji penerbit mah. Sagala bahan, aeh naskah anu arasup teh ngaliwatan internet. Atuh kitu deui mun geus rengse diedit, dibalikkeunana sarua ngaliwatan internet. Jadi sanajan cicing di imah oge pagawean mah rajol, nyalampeurkeun sorangan. Alhamdulillah.

Internet teh antukna mah pikeun kuring mungguh geus jadi kabutuhan anu kawilang penting. Mangrupa sarana nambahan pangaweruh jeung fasilitator kreativitas, profesi kapangarangan anu geus ngadarah daging dina diri kuring.

Barang datang ka Yankanet, ambuiiing!
Geus pinuh ku barudak sakola. Bubuhan dumukna teu jauh ti SMU tilu. Tayohna barudak teh ngahaja nyarimpang heula ka warnet samemeh baralik.

Patingcalakatak, pating ceuleukeuteuk, pasangan-pasangan deuih. Puguh Si Butet bangun regag-regog rek asup teh. Eta atuda diparelong ku barudak SMU, enya barudak lalakina anu pating serengeh, karumasep.

“Ulah pajauh ti Mamah, geura asup!” dikenyang weh leungeunna sina nuturkeun indung.
“Aya keneh hiji deui anu palih ditu tuh, Bu Aliet,” ceuk Mas Agus nuduhkeun komputer pangtungtungna. Kapireng karek ditinggalkeun ku budak awewe.

“Yaaah, Mamah…” Si Butet bangun kuciwa, kudu paduduaan jeung indung.
“Sakali sewang we, sapuluh menit sewang, nya? Engke mun geus aya anu balik, Butet gancang pindah,” cekeng teh ngabeberah.

“Iya dech…” cenah ngelehan, tibatan kudu balik deui ka imah, jabaning taya sasaha. “Butet duluan, ya Mah?”
“Heug!”

Der weh pilih genti noong internet. Manehna mimiti mukaan situs nasyid, heg direkam lalaguanana. Situs Harry Potter deuih, heg dikopi potret-potretna. Teuing mana resep-resep naker ka Harry Potter teh. Ku bentang pemeranna deuih, Daniel Radcliffe tea.

Geus puguhning meulian bukuna mah ti jilid kahiji tug nepikeun kaopat minuhan rak bukuna. Jabaning haregana teh mahal. Diantep we, sina meuli tina uang saku manehna sorangan.

Dirojong ku Si Cikal ongkoh, dibelaan nyisihkeun duit tina ladang ngahonorna. Ketang jilid kahiji jeung kaduana mah beunang pamasihan ti Omah Mariam Arianto. Kado tepung taun Si Butet anu ka-12 kamarina.

“Ulah loba teuing ngopian potret atuh, Tet. Engke mawaan virus ka komputer urang…”

“Moal lah, Mah, ieu oge dipilihan. Ongkoh ku Abang tos dipasihan anti virus komputerna…”

“Alaah, angger we osok aya anu moncor. Heg teu bisa dipake anti virus anu nyampak di imah. Embung Mamah lah mun kudu leungiteun file deui siga basa eta tea…”

Enyaan, mungguh matak trauma we tamah virus komputer bawa ti internet. Kungsi geus ngetik novel mulan-malen, geus beunang saratusan kaca mah. Ana bleng teh leungit ku sakadang virus. Aya sawatara bulan bae mah embung nyekel komputer, balik deui nerektek make Si Denok.

Ka Mangle onaman osok keresaeun keneh nampi kenging diketik biasa oge. Sedengkeun ka majalah nasional jeung penerbit di Jakarta mah, hiih da geus arembungeun nampa hasil ketikan mesin ketik. Osok marenta disketna wae.

“Euleuh, geuning seueur nakeran mail anu lebet ka email Mamah?”

Sorangan oge milu kerung. Asa karek kamarina diteang, diparupusan boks mail teh. Bener we, geus ngaleuwihan kuota, ratusan mail anu asup.

Breeh, ambuiiing! Milis musawarah burung, milis dakwah Holland, milis sanggar kananah Mesir, milis otomotif. Haar, nya karah kumaha milis otomotif bisa asup ka emal kuring? Asa teu hir teu walahir teuing!

“Ti saha terangeun email Mamah, nya?”
“Duka atuh…” leungeun sibuk mupusan mail, lila-lila mah cangkeul. Dibikeun weh ka budak. “Pek kosongkeun heula lah, pegel Mamah mah!”

Kudu dikumahakeun yeuh ari geus kieu? Boks mail metet ku komunitas sejen anu sama sakali henteu dipikawanoh. Ngelehkeun milis anu sasarina. Tug nepikeun ka henteu arasup mail anu parenting tur dijalan-pribadikeun ku barudak FLP.

Lantaran asa mingkin loba bae tur henteu kacekel, heg matak ngariweuhkeun, antukna boboleh ka Si Cikal.

“Gampil, Mamah, urang damelkeun email enggal we.”
“Enya, sok atuh buruan. Gara-gara henteu bisa asup mail penting kamarina, Mamah meh we leuir ngaluhuhan uleman seminar ti barudak UNJ. Hadena we aya anu mapagkeun tur Mamahna henteu ka mamana…”

“Tah, ieu email Mamah anu enggal. Ayeuna kedah diwartoskeun deui ka milis Mamah,” ceuk Si Cikal sawatara poe ti harita.

Ditelepon weh Mbak Dee di majalah Annida, menta di-subcribe-keun deui email kuring anu anyar. Geus kitu mah bener we, mail anu arasup teh balik deui cara sasari ti barudak milis FLP.

Basa pirajeunan muka deui email anu ti heula, kabeneran aya mail ti Mamangantra anu ngaku Urang Sunda. Ngulem ka baraya urang Sunda, cenah, kana acara silaturahmi di Itenas.

Acarana salian ti launching buju Sajak Banyol Jeung Sajabana teh rek nanggap Ceu Aam Amilia.

Leuh, hanjakal leuir teuing datangna uleman teh. Ketang bentrok ongkoh jeung acara launching novel Serpihan Hati, nyaeta novel kuring anu anyar di Bengkel Kepenulisan FLP Depok.

“KusNet teh komunitas Urang Sunda di internet, anggotana mah sakabeh anu ngarasa urang Sunda we. Boh di lemah cai boh di mancanagara…” kitu antara lain anu kabaca dina situsna.

Bungah tan wangenan apal aya komunitas urang Sunda di dunya cyber teh. Der weh miluan aktif, sakalian ngawanohkeun maneh tur miluan promosi novel-novel anyar karya sorangan tea.

Langsung nyanggut deuih. Maksud teh langsung pada ngarespon. Abong sasama urang Sunda tea, eta ku raresep kana ngabaranyol.

“Aya naon, Teteh, mani seueur gumujeng dipengkek…” ceuk Yeyen.
“Aeeh, ieu aya anu lucu,” tembal teh kaeraan, teu karasa nyeukeukeuk.

Ti mimiti kuncenna Mang Jamal, Mamangantra, Uwa Sasmita, Kang Hasan, Kang Opik, Teh Etin, Si Bedegong, Kang Michael Ontohod…

Lah, matak pinuh keh carpon ieu mun ditataan hiji-hiji mah. Cindekna mah komunitas urang Sunda dina internet weh, kum. Enya, kabehan oge ku raresep kana ngabaranyol.

Jeung balageur deuih. Aya anu ngirim potret-potret artis urang Sunda di mancanagara. Aya oge anu rajin ngiriman mail ti Austria, Inggris, Frankfurt.

Sumawonna kuncenna mah mani ngahaja ngirim buku Sajak Banyol Jeung Sajabana tea. Nyaeta buku anu eusina sagala rupa obrolan, sajak, banyol, ngadu bako antar anggota milis urang Sunda.

Enyaan kreatif tamah barudak KusNet dibobotohan ku Mang Jamal sareng Ua Sasmita.

Atuh babaturan di milis teh ayeuna mah mingkin ngarekahan ka sakuliah dunya. Aya anu ti Wina, Kanada, Jepang, Boston, Holland, Islamabad.

Geus puguh ti Garut, Subang, Kuningan, Bandung sabudeureunana mah. Patukeur-tukeur pangalaman, potret, warta jeung sagala rupa we, ngadurenyomkeun masalah urang Sunda.

Hanjakal kuring mah henteu bisa unggal waktu noong internetna. Sakalieun ka warnet oge kahayang mah dibaturan bae ku barudak. Eta atuda osok pada marelong, harelokeun. Cenah meureun, rek nanahaon inin-inin lunta-lanto ka warnet? Ari rek masang internet sorangan, laaah… Moal kauntup!

Sakali mangsa karek oge muka email anu anyar beunang Si Cikal tea, tarang langsung kerung tur getih asa naek ka luhur. Teu rek kitu kumaha, eta geus der deui bae arasup mail ti milis sejen. Geura urang buka hiji bae mah.

“Ini dia nama-nama Top Model, artis Indonesia yang suka mejeng berbugil-ria! Silakan dilihat pose mereka dalam JPG…”

Breh weh, potret-potret artis Indonesia sabangsaning; Dessy Ratnasari, Tamara Bleszinky, Nafa Urbach, Inneke Koesherawaty jeung rea-rea deui dina pose anu matak ngaruy tea.

“Keun atuh urang damelkeun deui we email anu enggal,” ceuk Si Cikal ngupahan basa kuring ambek-ambekan.

“Si Mamah mah lain di-forward-keun heula atuh memeh dipupusan teh!” celengkeung teh bapana barudak bari nyerengeh koneng.

“Iiih, Si Papap mah cunihiiin!” ceuk Si Butet.
“Bukan cunihin, kan sayang tuh dibuang gitu aja!” cenah bari nyakakak.

“Matakan ari ka warnet ngajak-ngajak salaki atuh!” pokna deui bari ngabengbeos. Kuring bati ngajulaeu bari cambetat-cambetut. Teuing we lah, milis, milis!

Depok, Juni ’02
KusNet araya keneh kitu?

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama