Mangsa Budak Diparoyokan Si Bucitreuk



           Kuring ngalaman sakola nepi ka tilu taun di TK. Persit Kartika Chandra Kirana. Harita mah tempatna teh di gigireun markas… naon nya ngaranna ari sahandapeun Kodim? Deukeut warung Ojon kitulah. Mimitina saukur pipilueun nunutur Teh Ai, antukna hayang enyaan jadi murid resmi.
Basa Teh Ai geus kaluar kuring nuluykeun, saragemna oge eta-eta keneh. Diganti-ganti soteh bane we geus pungsat naker tur sereg. Ongkoh nyeri hate osok diparoyokan bae ku babaturan.
“Bajuna beda, yeeey! Goreng patuut! Goreng patuut!” ceuk si Basar, budak harak.
Kituna teh bari ketrok neke kana tarang atawa ngajenggutan buntut kuda kuring. Ngiiing, kuring ceurik kanyenyerian. Diarupahan ku Ibu Odah jeung Ibu Atok oge keukeuh cirambayan. Mugen, embung miluan balik kana treuk tantara. Atuh daek teu daek Bu Atok kapaksa nganteurkeun kuring ka jalan Empang. Ngatruk leumpang mapay jalan gede.
Bu Atok make payung siem buatan Tasik. Kuring oge make payung siem leutik. Terus mengkol ti palebah Srimanganti, blus weh mabal ka Kuta. Heg nguriling mapay-mapay empang. Barang nepi ka imah biasana Emah tos nampeu weh di teras bari ngeyong-ngeyong orok.
“Heug, isukan mah urang meuli saragem anyar!” saur Apa basa Emah mangadu. Bener we, isukna kuring geus gegelembrengan make saragem anyar. Henteu pungsat deui tapi… ngabelebes! Bubuhan awak teh teuing ku pecekrek, ari beuteung bucitreuk.
Jadi budak pangleutikna mungguh matak sangsara. Remen dijailan ku Si Basar and his gang.  Asana unggal boga luang tamah Si Basar haben we  ngaganggu kuring. Lamun lain ngajenggut, neke, nyengkat pasti kana huak-haok jeung nerorna teh. Abong anakna komandan peleton!
“Kadieukeun bekelna, siah! Awas lamun bebeja ka sasaha!” cenah bari ngarebut bekel kuring.
Aya sawatara lilana kuring tara bisa ngaguar bekel ari tempona istirahat teh. Kaulinan oge dihak pisan ku manehna jeung baladna. Bati kabita we nempokeun babaturan arulin, ayun-ayunan, dedeplangan.
“Koneeeeng! Koneeeng!”
“Bucitreueueuk! Bucitreueueuk!” Kitu Si Basar ari ngabobotohan baladna sangkan moyokan kuring.
Jabaning baladna teh barudak anu geus jalugjug, garede awakna. Umurna oge beda tilu taunan jeung kuring. Heg bari pating arengklak, pating calakatak ngariung-riung kuring. Eta oge tara diantep ku Ibu Atok jeung Ibu Saodah teh. Ngan apan muridna oge loba. Jadi remen kapoosan, angger we kuring anu nyeri hatena mah!
Asana meh unggal poe kuring balik dianteurkeun ku Ibu Atok. Apa jeung Emah puguh we ngaraos lingsem. Heg nalek kuring kalawan lantip. Sieun-sieun oge ku ancaman Si Basar, tungtungna kuring balaka.
“Euh, kitu…. Kieu atuh, nya, ku Apa rek dibejaan carana ngalawan budak harak,” saur Apa basa paduduaan di teras.
“Kedah kumaha kitu, Apa?”
“Lawan langsung anu pang harakna, pang gedena!”
“Euh… ngalawan Si Basar, nya Apa?” puguh kuring kaget.
“Bener, engke deui mah kudu dilawanan! Ulah cicingeun bae Tikeuna!”
“Da ageung pisan atuh Si Basar mah, Apa…” kuring ngarempod.
“Lamun teu bisa ngalawan ku tanaga, Tikeu kudu ngalawanna make ieu yeuh! Uteuk!” Apa nunjuk tarang kuring.
Yeeh, naha uteuk teh dina tarang kitu?
“Aaah, Apa mah…” kuring ngabengbeos bari keuheul, banget tacan ngarti maksud Apa.
“Pokona kudu dilawan! Ulah keok memeh dipacok, nya Tikeu! Ulah sieun ka sasaha iwal ti ka Gusti Alloh!” Apa awong-awongan tukangeun kuring. Prajurit Siliwangi tea atuh… pikiraneun!
Isukna basa kuring mireng Si Basar keur sosoranganan deukeut deplang, ras inget kana piwuruk Apa. Henteu ngengkekeun deui kuring muru manehna. Jen nangtung lalaunan tukangeunana, terus dongko, suruntul weh… nabrakkeun sirah kana tonggong Si Basar.
Geblug anakna komandan peleton teh ngagebru nambru!
“Wuaaaa!” keuweuweung Si Basar ngajerit maratan langit tea.
Awakna anu sagede Gaban teh ngajurahroh pas deukeut suku kuring, sakalian dijejek weh beuteungna satakerna.
”Wuaaaaa! Emaaa! Bapaaa!” cenah bari adug songkol.
Breeeg weh barudak ngambreg ningker kuring anu keur nulak cangkeng, jalang-jeleng. Ibu Saodah jeung Ibu Atok katingal mani dagdag-degdeg, tuluy sibuk ngagotong Si Basar ka kantor. Demi balad-baladna Si Basar nempo kuring jalang-jeleng keneh, buru-buru pating kalieus, kalabur! 
Ah, bener we saur Apa, nya! Lawan anu pang gedena, pamingpinna, rubuhkeun. Geus kitu mah sagalana bakal… rebeees!
Ti saprak kajadian eta saurang oge taya anu wani garah-geureuh ka kuring, iwal ti guru ketang. Sumawonna make ngajailan mah. Disarebutna oge Si Bucitreuk Tukang Ngamuk!

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama