Lalakon Kuring di Regol Sumedang Larang



Eta mah,  nya, si Apa awahing ku palay-palayna gaduh anak lalaki, barudakna anu opatan awewe teh remen dibarajuan ku papakean budak lalaki. Pangpangna ka kuring jeung Teh Ai. Da Arnie apan putu kameumeut Nini, jadi Apa tara wantun garah-geureuh, sumawonna utar-atur ka Arnie. Ari Riri lembut keneh, geulis deuih, lebareun meureun lamun didangdanan ala koboy teh.
Kadieunakeun Teh Ai oge osok disengkeran ku Nini, apan manjing rumaja. Sedengkeun kuring atoh we anu aya. Ongkoh karesep teh  teterekelan dina tangkal jambu. Lamun make erok teu genaheun, nya mending make calana pondok, pupurikilan. Nyangkoyot weh dina dahan lir Si Onyet!
Atuh kaulinan oge lolobana mah sabangsaning treuk-treukan, panggal, langlayangan jeung… bedil lodong. Kabehanana oge kenging hese cape, karya kaprigelan panangan Apa. Jeung kreatip naker deuih.
Panggal teh digambaran beungeut Si Cepot atawa Semar. Treuk-treukan salian dipapaesan ku sagala rupa bandera, atribut kamiliteran utamana Siliwangi katut maung lodayana anu gagah tea, osok ditambahan sarupaning iklan. Ungkara kalimahna teh mangrupaning unjuk rasa, ceuk barudak kiwari mah.
“Dikamanakeun urea keur rahayat leutik, Bapa Menteri?”
“Turunkeun harega pupuk!”
“Ingat sumpah prajurit, sapta marga, Jenderal!
“Ulah poho kana wiwitan, budaya Sunda titinggal karuhun urang!”
“Ganyang koruptoooor!” Jeung rea-rea deui.
Hiji mangsa dina bulan Romadon. Harita kuring geus kelas dua SD. Basa keur ngadekluk weh maen congklak jeung Teh Ai bari ngabuburit, mireng Apa ngabengkot awi galalede mulih ti sawah.
Eh, enya, harita Apa osok nyelang ngokolakeun sawah titinggal Aki di Cirangkong. Dinesna di Kodim Sumedang, jadi bisa unggal poe riung mungpulung jeung kulawedet.
“Apa awi kangge naon ieu teh?” kuring jeung Teh Ai muru Apa, nalengteng.
“Ngabuburit cara Apa, geura talingakeun nya!” cenah tandes.
Apa ngadangongkeun opat awi galede kana selah-selah pager tembok bumina. Maksud teh aya dua imah, hiji imah utama dicicingan ku Nini jeung Uwa Anah. Hiji deui imah rada leutik, nya di dinya tempat Apa saanak bojo renggenek.
Di hareupeun imah teh pas aya sakola nyaeta SMP 2. Rada ka wetankeun kahalangan ku dua imah aya empang, cenah mah gaduh kaputren pikeun lalayaran kulawedetna Bupati.
“Tah beres ayeuna mah. Urang seungeut bedil lodongna, nya barudak!” Apa metakeun carana nyeungeut bedil lodong.
”Tah, ieu lodongna minyak tanahan saeutik. Asupan karbit, keun cicingkeun heula sakeudeung. Mana panyeungeutna, Ai? Enya, ieu yeuh! Anclomkeun sakeudeung kana minyak tanah tina kaleng ieu. Tuluy kana seuneu cempor kawas kieu, yeuh! Awaaas, sakeudeung deui urang ngabedilan gorombolan nyasaaar!”
Bener we… bleeeng, bleeeer! Bleeeng, bleeeer! Bleeeng, bleeer!
Kuring, Teh Ai jeung Arnie sarurak, ajrag-ajragan, arakey-akeyan tangka seeleun. Teu rek kitu kumaha, puguh nyeungseurikeun rengkak paripolahna Apa. Atuda mani siga naker keur ngabedilan gorombolan nyasarna teh. Sakapeung dedepongan api-api keur ngintip gorombolan. Sakapeung deui mah lalaunan ngarayap, culang-cileung, ungas-ingeus… bleeeng, bleeeer weh!
Puguh matak ngagujrudkeun saimah-imah. Emih jeung Nini ngarelol tina jandela kamarna. Pating gerewek.
“Enceeeeep! Gandeng, ulah tarik-tarik teuiiing! Ieu jajantung Embu rek coplok!” saur Nini.
“Kokooooo, meugeus ulah nyieun gara-garaaa! Gandeeeng!” saur Emih.
Apa kalah ngabobotohan barudak. Saurang-saurang disina ngajaran nyareungeut bedil lodong. Mimiti Teh Ai, dibere awi lodong anu panggedena. Tuluy kuring dipasrahan awi lodong sadua-dua, da Arnie embungeun. Hiji deui mah tungtungna diangkut ku Emih, dipake suluh.
Pabeubeurang kuring jeung Teh Ai ngahaja ka pasar, nyiar karbitna. Sabada sahur jeung salila ngabuburit kuring jeung Teh Ai nyareungeut bedil lodong. Asana sora bedil-bedil lodong jieunan Apa pangharusna di wewengkon Regol harita. Aya sawatara poena mah kitu we pagawean kuring jeung Teh Ai.
Apana mah da duka ka mana!
***

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama