Kasakit Gan Aung







Kasakit Agan Aung

Pipiet Senja

Kocap carita di hiji leuweung simagonggong, Agan Aung ujug-ujug katerap kasakit aheng. Beuteungna henteu weleh kukuruwukan, hayang bae barang hakan. Ahengna teh, sanajan geus ngaremus sasatoan anu laleutik, beuteung Agan Aung angger kukuruwukan. Lamun geus kalaparan, Agan Aung murang-maring. Ambek-ambekan!

“Haaauuuung…. Haaauuung!”
Agan Aung gegerem handaruang, sorana matak ngageunjleungkeun pangeusi leuweung. Sasatoan sabangsaning  marmot jeung kelenci mah kontan we ngabalalecir. Nyarumput dina sayangna, ngaharephep, sarieuneun kalaluar.

Sakali mangsa Aden Ajag mere pasehat, magarkeun teh, “Hayang cageur kasakit lapar mah kudu ngaremus munding geura!”
“Naha bisa kitu?” Agan Aung nalengteng. Sanajan pikasieuneun oge, ari uteukna mah rada-rada alias odob tea.
“Apan munding mah awakna badag enjum, Gan Aung. Matak seubeuh popoean geura!”

Agan Aung nurut. Kier weh manehna balangsiar, pangpangna mah nyiar munding tea. Lumayan capeeun, bubuhan munding sakulewedet bubuarana jauh ti pileuweungan. Deukeut ka lelewek bangsa manusa.
“Haaauuung… lobaan geuningan, euy!”

Agan Aung ngahuleng barang nenjo munding sakulewedet mani pasedek-sedek di kandang. Belecet weh lumpat, nyingkahan wewengkon sakadang munding. Ambek nyedek tanaga midek tea, morang-maring weh!

Antukna Agan Aung uleng mikir. Sanajan odob oge ninggang ku kasieun mah uleng tah uteukna.
Ceuk gerentes hatena, “Lamun aing ngerewek hiji munding, tangtu anu lianna moal cicingeun. Matak malik ngerepuk aing atuh. Paeh keh aingna? Hiiih, embung teuing, deuleu!”

Aden Ajag anu nuturkeun mere pasehat deui, “Gampaaang! Tewak we anu keur malaweung. Heg sosoranganan!”
“Bener kudu kitu, euy!” Agan Aung mani jigrah, emprak-emprakan sagala. Aden Ajag ukur seuri maur, mireng Agan Aung ngaberung deui muru wewengkon sakadang munding.

Agan Aung tuluy ngadodoho ti kajauhan. Ngileng-ngeleng sugan aya munding sosorangan bari malaweung. Awahing ku panteng nyacapkeun kahayang, antukna Agan Aung hasil. Breh weh katenjoeun aya munding leutik sosoranganan.

Tayohna anak munding teh henteu daek guyub jeung baturna. Karesepna ulin sorangan. Heg kituna teh bari malaweung. Tah, keur panteng-pantengna ngalamun, ana gapruuuk teh… Agan Aung ngerewek pundukna!
“Ajoooouw…!” anak munding kokoceakan.
“Hauuung… beunaaang siaaah!”

Agan Aung hasil ngerewek munding leutik kalawan gampang. Disered weh ka nu suni, tuluy dihenggoy mani nikmateun naker. Sesana disumputkeun handapeun tatangkalan anu liuh.

“Kumaha, kasakit lapar teh, Agan Aung?” Aden Ajag nalengteng basa panggih deui jeung Agan Aung.
Bari kutap-ketap keneh, Agan Aung ngagerem, “Heueuh, aya benerna omongan maneh. Beuteung teh henteu kukuruwukan deui, yeuh!”

“Moal mere kitu ka kuring, Gan Aung?” Aden Ajag milu kumetap, kabitaeun. Dialungan saeutik oge geus bungaheun.
Barang sisimpenan mundingna geus beak, der deui we beuteung Agan Aung kukuruwukan. Malah karasana teh mingkin rosa. Tangka aduglajer bari gegereman, mingkin ngeundeurkeun leuweung.

“Kudu kumaha mun geus kieu, yeuh, Jaaag?” nalek ka Aden Ajag.
“Kudu ngakan munding gede geura,” tembal Aden Ajag.
“Munding gede, nyah? Euh, teu wani, euy!” Agan Aung nyengir.
“Naha make teu wani, Gan Aung?”

“Kumaha keh mun batur-baturna ngerepuk? Beak meureun awak teh digadil tanduk maranehna,” Agan Aung humandeuar.

“Atuh ulah dina kandangna, Agan Aung…”
“Gancang nyaritana, bisi dikerekeb keh!” Agan Aung henteu sabaran deui.
“Mun keur marandi di wahangan geura,” Aden Ajag deui-deui mere pasehat. Da hayang dibere daging munding pasesaanana.

“Euh, enya nya…!”
Agan Aung ngabelenyeng ka sisi wahangan. Der weh ngadekeman munding anu keur ngarinum jeung marandi. Kapireng aya munding bikang mandina mandeurikeun maneh. Eta cenah genah keneh kokojayan. Padahal ku babaturanana geus diwanti-wanti, sangkan ulah pajauh tinu lian.

Dasar we hayang mawa karep sorangan!
“Hauuung….”
Gabrug, gudal-gadil, gudal-gadil, kerejet, heekkk… hoos weh!

Siga memehna, munding teh ku Agan Aung dihenggoy sawareh. Sesana disumputkeun keur isukna deui. Aden Ajag siga kamarina dialungan saeutik. Sakapeung manehna ngabongohan, ngeteyep lalaunan heg milu ngadekeman pependemanana… Happps weh, dipalingan!
***

Hiji, dua, tilu… sapuluh weh munding anu geus dikerewek ku Agan Aung. Abah Tani anu boga munding puguh we ambekeunana mah. Hiji peuting mah badami weh jeung anak pamajikan.

“Meuni hayang ngajedor we tah maung setan!” Abah Tani murang-maring.
“Enya, tapi urang teu boga bedilna, Abah,” ceuk Ambu Tani.
“Sugan Nyai boga ideu? Da Nyai mah nyakola,” Abah Tani meredih ka anak hiji-hijinya, nyaeta Si Nyai.

Sabada uleng nyiar piakaleun, belenyeh weh Si Nyai imut. Puguh Abah Tani jeung Ambu Tani ku karek mireungeuh imutna oge geus bungaheun. Bubuhan Si Nyai mah di sakolana oge apanan rengking bae.

“Urang eupanan ku landak geura, Abah, Ambu. Maksud teh kieu, landakna urang bulen ku aci jeung tarigu, niron-niron daging…”
“Hade pisan akal teh, Nyai!” Abah Tani reueus.
“Anak saha heula atuuuh, anak Ambuuu!” ceuk Ambu Tani milu reueus.

Caritana Abah Tani newak landak, tuluy dibulen ku aci jeung tarigu beunang nyipuh. Ti kajauhan mah nyeples daging. Ari mundingna disumputkeun dina kandang anu tohaga. Tara diiangkeun deui ka wahangan.

Kocapkeun Agan Aung geus kalaparan deui bae. Aya popoean manehna tara manggihan deui munding ngulampreng di wahangan. Tapi poe eta Agan Aung mireungeuh… Lakadalaaah!
“Daging munding, yeuh! Pasesaan aing kitu?”

Awahing lapar landak bulenan teh kontan disakalikeun, dicapluk… kreeeek, kreeekkk!
Agan Aung reuwas kabina-bina. Panonna molotot buncelik, mimiti karasa rungseb dina sungutna. Bulu-bulu landak nyocogan letah, lalangit, huuuaaah, kabeeeh weh!

Aden Ajag anu osok ngiclik nuturkeun, kabarerang. Agan Aung adug songkol, mabet-mabetkeun awakna, jebreeed weh ngababet Aden Ajag. Gulitik, gulitik, gujubaaaar… Aden Ajag ngagujubar kana wahangan, kabawa cai anu keur sumedeng ngagulidag umpal-umpalan.

Isukna Abah Tani, Ambu Tani jeung Si Nyai ngahaja neang ka wahangan. Kasampak maung teh geus ngajurahroh sisi wahangan. Sungutna calangap baloboran getih. Landakna mah duka teuing ka mana.

“Geus paeh tateh, Abah?” Ambu Tani nalengteng, sieuneun keneh.
Si Nyai oge undur-unduran tukangeunana. Abah Tani mariksa maung kalawan gemet. “Bener, paeh beakeun getih sigana mah…”
“Alhamdulillah…” ceuk Ambu Tani bareng jeung Si Nyai.

Ti harita mah leuweung teh aman. Tara kadenge deui sora maung gagauran, kalaparan teu euih-euih. Eta oge aya keneh Agan Inga, ngan geus teu beukieun daging. Bubuhan geus kolot, kari nganti-nganti wancina dipundut ku Sanghiyang Agung.
***


Nah, Zein dan Zia cucuku yang manini sayang, inilah dongeng manini siang yang terik ini, ya....pssssst, jangan heboh, ada yang dengerin juga tuh teman2 kita blogger.  hehehe....



0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama