Demi Tumpeng Butet: Nyaris Ketiban Pohon Rungkad

 



Pipiet Senja

Kira tabuh salapanan. Rengse popoe. Kereteg hayang ngalilipur anu jadi anak. Isukan Butet ultah, 10 Februari 2023.

Caritana

ka Pasar Agung kana ojek. Teu pira ngan meuli nu kieu, cetakan tumpeng, baki, sendok garpu.

Daging, kentang.

Bumbu sangu koneng rek numpeng.

Tomat, kurupuk udang weh katut minyak gorengna.

Rengse balanja nyiar ojek. Eta mah aya angin dadak sakala, ngamuuuuk!

Pas Manini geus kana ojek, dibawa ku budak sagede Zein.

Ya Allah sapanjang jalan sholawat digederkeun. Si ojek ge kadenge takbir we.

Aduuh, eta tangkal aya nu rungkad. Meh weh ninggang sakadang Hulu. Gustiiii!

Alhamdulillah, aya Malaikat anu haat karunyaeun ka nini nini sigana. Batal katinggang tangkal nahaon mah.

Salamet dugi ka imah, budak ojek dibere 25 rb meuni mamandapan atoheun. Dititah cicing heula embungeun. Motorna nginjeum, cenah.

Serius, eta mah jajantung ngageder atuh. Buru buru dioksigen. Bisi katuralengan mana sosoranganan.

Kumaha keh lamun meot taya anu nungtun tahlil, eeeeh bit!

Eta ucing Qania duananan kalahka molohok ngalalajoan weh. Duka karunyaeun ka nini nini, duka syok sugan.

Ngeleper keneh yeuuh jantung Manini, Bestie.

Kasampak teh popoean beaĆ ak ngarapung.

Dipikir-pikir hadeeeh, ieu Manini wanian pisan nyaaa… Gaya berandalan ceuk Zein mah, Manini suka sok kuaaaat!

Jaba tacan sarapan deuih.

Mulan malen tara ka pasar.

Sakalina ka pasar kajadian heboooh!

Di pasar eta jelema pating jarerit.

Sieun runtuh sugan siga bencana di Turki.

Padahal mah matak naon lamun sholawatan atawa takbir, nya Bestie?

Sakieu we heula dongeng Manini. Omat ulah ditiru kalakuan sotoy, aeh nekadna nya barudak baredek.

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama