Carpon Pipiet Senja: Jenin Caah Getih



Jenin Caah Getih

Maret, poe Ahad di Jenin. Hiji kota di wewengkon Tepi Barat, Palestina. Ummu Fathiya keur milihan baju-baju urut pamere Ahmed, aktivis Hamas, babaturan Si Jenat. Anakna anu duaan, laleutik keneh keur arulin di buruan. Ari para tatanggana, ibu-ibu saumuran manehna mah sarua we jeung inyana. Saribuk ku urusan rumah tanggana masing-masing. Aya anu keur milihan roti gandum, eta oge pangirim ti para relawan. Atuh aya oge anu sarua milihan baju pamere, heg dikarecosan deui sangkan cukup tur genah dipakena.

Kangaranan hirup di kamp pangungsian, sagalana sing sarwa walurat. Tacan diudag-udag kahariwang, dirungrum salempang…. Durjana, tamah Ariel Sharon!

Mana remen-remen teuing ngayakeun agresi militer. Taya lian tujuanana ngabasmi, ngahancurkeun rahayat Palestina. Sigana mun tacan ledis mah bangsa Palestina ti jagat raya ieu, Yahudi teh moal eureun… kaniaya!
Baseuh bumi Palestina ku getih para suhada. Kaasup jungjunan hatena, Abdullah sawatara bulan kaliwat. Gugur di Ramallah dina ragotna bitotama jeung tentara Yahudi.
“Ummuuu!” sora Aisha ti buruan mani cempreng.

Ummu Fathiya nyelang ngalieuk ka palebah budak awewe sapuluh taun. Nyeh imut reueus, mireng Aisha rek ngagandong adina, Fatouh umur lima taun.
“Kenging nya, Ummu?” cenah menta kasatujuan indung.
“Mangga, ati-ati we!” tembal Ummu Fathiya. Luk deui tungkul. Leungeunna tuluy nilepan baju. Asa taya anu bisa kapake ku manehna, sarereg teuing. Keun, urang bikeun we ka Ummu Shamira atawa Athira, gerentesna.

“Tah gamis ieu mah pantesna keur Aisha. Tapi burdahna, lucu… kacipta gegelembrengan mun dipake ku Fatouh teh,” cenah ngagerencem sorangan.
Ras inget deui kajadian sawatara bulan ka liwat di Ramallah.
“Kudu ninggalkeun tempat ieu ayeuna keneh pisan. Bawa barudak, engke disusul ku Abi,” ceuk salakina anu geus ditarungguan ku barudak pamuda Hamas di buruan imahna di Ramallah.
“Abi, hapunten Ummu,” manehna nyium leungeun jungjunan hate kalawan deudeuh. Sakeclak oge taya anu dikaluarkeun tina panonna. Wanoja Palestina pantrang juuh cipanon, komo deui alatan ngajurungkeun anu rek miang perang ngalawan Si Durjana!

“Muhun, Abi oge nyungkeun dihampura ku Ummu,” karasa nyium embun-embunan. Dituturkeun ku paneuteup iklas tur dua, kayakinan anu ngagurat baja dina dadana. Gusti Alloh parantos ngagupayan ka jungjunan hatena. Bade ditikahkeun deui jaga sareng widadari surga. Ehmm, bagja temen iasa maot kalawan syahid, Jungjunan!

Di satengahing jalan dicegat ku tentara Israel. Henteu tata pasini deui ujug-ujug… deredeeed, deredeeed!
Hareupeunana Abu Saad aki-aki kundang iteuk ngajengkang, dadana baloboran ku getih. Ummu Fathimah ngajungkel gigireunana, orokna mecleng tina aisanana. Langsung disanggap ku panangan widadari, dalah dina katempona mah didereded ku pelor-pelor Israel. Kejeeem, gangas!

Harita Aisha leungiteun sukuna sabeulah, kabeunangan ku timah panas tentara Israel. Lila taya anu nulungan sacara medis, taya ubar-ubaran anu pantes. Buruk, aduy, ulaweran getih jeung nanah. Kapaksa kudu dipotong suku kencana semet pingping,  bakal cingked saumur-umur. Ah,  lilahitaala!

Kasaksen ku manehna Aisha tawekal. Sanajan budak lembut keneh oge, kangaranan budak Palestina sarua geus diwedelan ku iman, kayakinan anu pangger. Tujuan hirupna taya lian iwal ti merdeka, leupas tina jajahan Yahudi. Moal ngoretkeun harta banda, dalah jiwa raga oge rek dibikeun keur lemah cai Palestina.

Intifadah! Barudak pamuda mingkin rongkah di sakuliah bumi Palestina ngalawan ku carana sorangan. Ti mimiti saukur ngetepelan ku batu tug nepikeun ka aksi bom harakiri. Maledogkeun awakna anu geus dipasangan ku bom,  ka palebah tempat-tempat strategis, barak-barak tentara, kantor-kantor jeung pusat bisnis Yahudi di kota Yerussalem.

“Ummuuuu!” Sora Fatouh.
“Tuluuuung, Ummuuu!” Ditema ku sora Aisha.

Deeeggh, Ummu Fathiya ngagebeg. Ret ka palebah buruan, ka mana Aisha jeung Fatouh? Aya naon tatangga-tatanggana rajol kalaluar? Kituna teh bari gogorowokan ngingetan.
“Awaaaas! Aya serangaaaan! Serangaaan!”
“Raziaaa! Raziaaa!”
“Bawa barudaaak! Asuuup, kabeh ka jarerooo!”
“Yahudi nyeraaang! Yahudi nyeraaang!”

Ummu Fathiya ngajorelat kaluar ti imahna. Lumpat bari gegeroan, ngagentraan anak-anakna. Basa manehna henteu manggihan barudak, biur deui lumpat ka palebah ruruntuhan imah Abu Hashem. Jauh teuing ari kudu balik deui ka imahna mah. Sedengkeun pasukan Israel geus ngabereg ti ditu ti dieu, kamp pangungsian teh dikepung wakul buaya mangap.

“Rek neangan para pajoang FPLP!1” teuing saha anu nyarita.
Ummu Fathiya pada metot sina asup ka jero bunker. Sangkan henteu kacirieun ku tentara Israel, sugan moal kakeunaan ku rudal deuih. Geus loba ibu-ibu jeung barudak nyarumput di urut padumukan kulawedet Abu 

Hashem. Anggang ti wangunan lianna, ongkoh aya bunker anu kawilang lega tur tanggoh.
Kaayaan anu tadina tingtrim ngadadak ibur, harengheng tur genting. Sora tank-tank tentara Israel ngaguruh, ditumbu ku sora buldozer. Tangtuna oge keur ngaratakeun kamp pangungsian di sakuliah Jenin!

Ya Allahu Rob, Si Durjana teh make cara di luar kamanusaan!
Ummu Fathiya ngahephep di jero bunker. Manehna kandeg henteu bisa incah balilahan deui ti dinya. Pada nyarekelan ku babaturanana. Jero hatena mungguh rame ku takbir, ngagero asma Alloh.
“Duh Gusti, mugi tangtayungan pun anak. Ulah waka ayeuna, Gustiii. Jaga, jaga bae, Gusti, pami tos sawawa… kahoyong mah!”

Bleeeng…. Bleeeng!
Rudal ngajelegur, ngarubuhkeun tembok imah tatangga. Ummu Fathiya inget, imah anu cikeneh dirudal teh dieusian ku opat puluh jelema. Kacipta, nini-nini jeung aki-aki katut orok di imah eta langsung… parejet!

Aya sawatara lilana sora tembakan pabaur jeung rudal, tank-tank, buldozer pasuliwer di luar. Wewengkon kamp pangungsian Hawashin kawilang pang parahna dibombardir. Sapoe harita bae aya ngaratusna anu patulayah gugur. Kalolobaanana warga sipil, awewe teu tuah teu dosa, barudak teu daya teu upaya, jompo…  Dipake tameng hirup ku tentara Israel!

“Tingali, Ummu Fathiya…” Ummu Shamira ngaharewos, curukna bentik nunjuk ka palebah jalan raya. Harita duaan maksa ngarengsod ka luhur. Hayang ngintip kaayaan di luar.
“Allohu Akbaar…” Ummu Fathiya ngagero dipengkek.
Di jalan, kapireng sababaraha tentara Israel ngagusuran jelema; lalaki, awewe, barudak, kolot… Aisha jeung Fatouh!
Bruuuuaak! Bruuuak!
Puuuung! Puuung!

Jelema-jelema teh sawareh dialung-alungkeun kana treuk. Sawareh deui mah dibalangkeun ka mana boa. Aya deui anu diserokkan ku buldozer, ngahiji jeung ruruntuhan tembok paimahan anu dirubuh-rubuhkeun.
“Leupaskeun!” Ummu Fathiya teterejelan.
“Ulaaah, ulah ka luar!” Athira jeung babaturanana pageuh nyarekelan.

Panon Ummu Fathiya tibuncelik-buncelik mireng pamandangan di luar. Jelema-jelema teh sidikanan loba anu harirup keneh. Kaciri leungeun Aisha bangun gugupay. Sirah Fatouh bangun ngalenggak.
“Bener, demi Allah Anu Murbeng Alam, duanana siga ngagupayan ka Ummu…” gerentes Ummu Fathiya
“Ummuuuu, pileuleuyan…”
“Allohu Akbaaar…” Luk, sirah Ummu Fathiya ngeluk. Awakna ngulapes dina rangkulan Ummu Shamira.

Hawar-hawar kadenge buldozer jeung tank tentara Israel, terus-terusan ngalindesan warga Palestina. Boh anu geus jaradi mayit boh anu harirup keneh. Getih banjir bandang, ngeueum sakuliah bumi Jenin.
Innalilahi wa inna ilaihi rojiuun!

Genep belas rebu warga Palestina di kamp pangungsian Jenin dina dua minggu eta ngalaman bencana gede. Mayit patulayah di jalan-jalan. Imah-imah rarubuh dirudal, langsung dibuldozer… Jenin caah ku getih para suhada!

“Persis kajadian September, 1982 di Shabra jeung Shatila. Harita opat rebu warga Palestina dibantai ku Israel, parentahna Menteri Pertahanan Yahudi, nyaeta Ariel Sharon….”
“Bener kitu. Kiwari sanggeus jadi Perdana Menteri manehna mingkin gangas!”
“Zionis Yahudi nolak tim pencari fakta!”
“Ka mana wiwaha PBB ana kieu?”
“Amerika haben we nangna-nengne Israel!”
“Yahudi mah ku Alloh oge dikutuk!”
“Heueuh, da henteu direken atuh…”
***
Rebun-rebun keneh bulan April poe Jumaah. Ummu Fathiya lalaunan kaluar ti bunker di wewengkon Jenin. Leumpang ngatruk, henteu luak-lieuk, taya kagimir taya karempan.
Tentara Israel geus ngabuka blokade di Jenin, kadeseh tur ditungtut ku dunya internasional. Tapi markas Presiden Palestina, Yasser Arafat di Ramallah, tacan dibebaskeun tina kepungan tentara Israel.

“Istannaaa2!”” Ummu Fathiya ngagero ka kernet beus.
“Thayyib, thayyib3…” tembal kernet.
Reg beus eureun hareupeunana, Ummu Fathiya ngalacat. Tujuanana  Nethaniya,  hiji kota di wewengkon Yerussalem, kawentar ku pusat bisnis Yahudi.
“Fi ri ayatillah4…”  Duka saha anu nyarita, mana keuna naker kana hatena anu dirungrum ku sumanget jihad.

Geleyeng beus ninggalkeun pasesaan caah getih, traumatis jiwa anu mo leungit salawasna tina hate sakabeh bangsa Palestina. Sanajan wartana henteu kaliput ku pers internasional, bubuhan diblokade ku tentara Israel. Tapi Ummu Fathiya nyatet pageuh dina sanubari hatena. Tragedi kamanusaan panggangas-gangasna sapanjang zaman!

Luk Ummu Fathiya tungkul, milang buku-buku ramona, tasbih. Muji kana Welas Asih Gusti Alloh. Biwirna embut, pikiran jeung hatena manteng nyebut asma-Na.
“Gusti Anu Welas Asih, mugi pasihan kakuatan ka abdi,” jeritna maratan langit, koceakna maratan jagat.

Berebey cipanonna merebey. Lain cimata kasedih ieu mah. Tapi cimata kabagjaan, dina raraga nemonan panggupay ti Gusti Alloh. Syahid!

Nongtoreng deui piwejang Syeikh Walid di hareupeun warga Jenin anu saralamet;”Samulia-muliana anu maot nyaeta maot kalawan syahid. Demi ngabela kayakinan, bebeneran, jihad fi sabilillah!”
Baheula manehna osok mere kakuatan, sumanget ka Si Jenat;”Jihad bil haq, Abi, jihad bil haq…”

Mungguh kitu istri-istri Palestina ngajurungkeun para jungjunan hatena. Bener, tibatan hirup di kamp pangungsian, pasesedek, kalaparan, teu weleh dibuburak militer Israel. Hirup lir sakumpulan sato, teu daya teu upaya, ukur nganti-nganti bantuan ti dunya internasional…. Lebeng!

Henteu karasa biwirna lalaunan ngagalindengkeun lagu kabagjaan. Kidung kabahagiaan, has istri Arab dina ngungkabkeun parasaan bagjana tan wangenan.
“Agharid! Agharid5!” Jelema-jelema pating lalieuk ka palebah Ummu Fathiya. Pating belenyeh arimut. Utamana para istri, para wanojana. Lalaunan biwir maranehna oge arembut, kabawakeun ngagalindeng, Agharid.

Basa Ummu Fathiya turun tina beus, meh kabeh panumpang mileuleuyankeun;”Fi ri ayatillah… Fi ri ayatillah…” cenah mani raong.
Antukna, antukna… Nepi oge di Nethaniya, Yerussalem. Bener, nya di dieu pusat bisnis Yahudi! Ummu Fathiya henteu ngengkekeun deui ngagidig ka palebah baqalah-baqalah6… Ah, teu kaci ka nu laleutik kitu mah! Kudu ka nu leuwih badag!

Yahuda Ahronot!
“Tah, bener kudu ka mega Mall  kaya kieu!” gerentesna bari imut leleb. Ngajengjen sawatara lilana hareupeun supermarket limabelas tingkat, pang badagna di Nethaniya. Dijarugjugan ku sakabeh warga Yahudi, jalma-jalma anu baradag duitna. Harita keur sumedeng rame-ramena.

Ummu Fathiya, wanoja Palestina duapuluh lima taun umurna. Geus kaleungitan ku indung-bapa, adi-adi, dulur, salaki, anak-anakna, para sohib7, tatanggana, bangsana… Alatan kabengisan bangsa Yahudi. Kiwari lengkahna digancangkeun muru mega Mall  Yahuda Ahronot.

Lalaunan leungeunna ngusapan beuteung, jeroeun gamisna dikurilingan ku bom rakitan. Ngahaja beunang menta ti Ahmed. Malah disaluyuan pisan ku Hamas8. Ana keur kitu… ngiiiieeeng! Sirineu detector anu dipasang di lawang panto Mall, bisa ngadeteksi!
“Heeei, rek ka manaaa?!” aya Satpam Israel ngagero ti palebah security.
“Bissmillaaah… Allohu Akbar!” Ummu Fathiya  antukna satengah lumpat muru  lantey hiji.
“Awaaaas, awewe anu make gamis hideung etaaa!”
“Pasti mawa bom harakiriii!”
Deredeeed, deredeeed!

Pelor pasulabreng mentangan ka palebah awakna. Ummu Fathiya henteu gimir, lumpat tarik, mingkin tarik. Leungeunna mapay tombol, rek ngaaktifkeun bom, ke sakeudeung deui... Wa islamaaaa! Wa islamaaa!9
Breeeg weh tentara Israel ngabereg ka Yahuda Ahronot. Tah, ayeuna mangsana!
Bareng jeung ngaberebetna pelor ka palebah awakna, Ummu Fathiya satengah ngapung maledogkeun awakna ka barisan tentara Israel.

“Birruh biddam nafdii biha Filisthin… Birruh biddam nafdii biha Filisthiiiin10…” gerentes hatena kalawan teuneung ludeung.”Allooohu Akbaaaar! Fuzna warabbil kabah11!”

Gelegeeeer, buuuuum!
Mega Mall Yahuda Ahronot ngelun ku haseup. Bareng jeung kumalayangna hiji ruh nemonan Khalikna, nagih jangji-Na sabage akhlusyuhada. Ti kajauhan indung-bapa, dulur, tatangga… jungjunan hatena, Aisha jeung Fatouh lir ngagupayan!

Depok, Rabiul Awal 1423 H


*******



1 Front Perlawanan Populer Palestina, kelompok garis keras
2 antosan sakedap, basa gaul Arab
3 sae, sae
4 mugia ditangtayungan ku Gusti Alloh
5 dinyanyikeunana bari ngaheot, kidung has istri Arab mapag kabagjaan
6 minimarket
7 sobat
8 organisasi pajoang Palestina
9 pekik merdekana pajoang Palestina
10 kalawan ruh jeung getih kami ngorbankeun jiwa pikeun Palestina
11 demi Alloh kami geus metik kamuliaan

6 Komentar

  1. Maaf teh, nggak paham bahasanya. hehee.. (:

    BalasHapus
  2. nanda tidak apa-apa, sebagai budayawan Sunda saya merasa berkewajiban melestarikan sastra Sunda juga, merasa bersalah jika hanya berdiam diri....salam kreatif

    BalasHapus
  3. Seneng banget baca tulisan bunda yang pekai bahasa sunda ini, meskipun saya harus berjibaku untuk memahaminya.

    adalagikah tulisan lain yg berbahasa sunda juga?

    BalasHapus
  4. nyesel waktu stay di bogor gak sempet belajar bahasa sunda. hebat nya bundaku ini jadi budayawan sunda......

    BalasHapus
  5. farel banyaaaaak....

    insya Allah saya pajang di sini setahap demi setahap
    maklum pabaliut nih urusannya dengan berobat, wara wiri cari nafkah dan kadang dititipin cucu, ngemciii.....alaaaah, its oke, semangaaat!

    BalasHapus
  6. risah; terimakasih....

    dimanapun kita berada bisa kok kalau mau belajar basa sunda mah, banyak tuh buku2 sunda karya ajip rosido dan lainnya atau langganan saja majalah mangle, pasti bisa...saya pun belajarnya dari mangle...wilujeng

    BalasHapus

Posting Komentar

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama